Salasa, 04 Désémber 2012 00:33

Nu Maneuh

SajakLawang SakéténgTamuLaporanKolomMunara CahyaNyusur GalurAden EndulBarakatakCarita PondokCarita MistériLempa Lempi LempongUnak-Anik

Warta Tatar Sunda

Béja PotrétBéja ti Pangumbaraan

Jagat Carita

DongéngMedar LalakonKomik Sunda

Tutungkusan

Ngundeur Luang ti KaruhunAyat-ayat Budaya

Komentar Baraya

Senén, 26 Novémber 2012 22:45
irfan: " Hatur nuhun. Ageung pisan mangpaatna maos ieu seratan. mudah-mudahan urang tiasa nyingkahan panyawat hate...."
Saptu, 24 Novémber 2012 08:26
Djatnika S Puradinata: " Ngahaturkeun wilujeng milad nu ka 55 Majalah Mangle, mugia tiasa tetep janten lulugu sareng tuladan dina miara budaya Sunda khususna dina widang sastra Sunda. Tos waktosna urang Sunda makalangan di lemah caina, salahsahijina ngalangkungan media Majalah Mangle. Mugia Majalah Mangle tiasa janten majalah panglipur anu jembar ku pangaweruh anu tiasa ngangkat budaya Sunda di sakumna Nusantara..."
Jumaah, 23 Novémber 2012 17:10
Persib_Holic: " Mudah2an persib tiasa Jaya..."
Kemis, 22 Novémber 2012 11:45
Kuring: " Muhun nya, ku naon bet disebut..."
Kemis, 22 Novémber 2012 11:38
Abdi: " Sami atuh sareng abdi ari resep nongton..."

Édisi Manglé

SN
SN
SN
SN
SN
SN
foto_55foto_41foto_18foto_17foto_16foto_15
Tepas Ais Pangampih Perkawis Manglé Kontak Langganan Manglé Citak Mitra Manglé Info Iklan

Budaya Sireum

Kénging Onnok Rahmawati
Kintun kana Facebook
Mangle
SN1353689126.jpg [Potrét/Ilustasi: ]

                Ari keur ninggang poéna, sagala gé sok cacap. Jararangkep ti hudang saré nepi ka waktuna reup deui. Mun ti isuk geus nimu seuri, nepi ka mata poé balik gé teu kuhanteu aya kalana kabungah téh pabalatak. Pami ti énjing tos kararateug raraosan, leukeunaneun wungkul, margi moal jauh dugi ka wengi pimurukusunueun téh sok alabring-abringan. Jiga dinten ieu pisan.

                Bongan sorangan téa mah, édég hayang ngalaman poé nu idéalis. Indit majeg kendaraan, tuluy manjangkeun surat ijin nyetiran mobil. Dua tempat antrian, nyéépkeun waktos nu méh satengah poé.

                “Saur Akang gé naon?”

                “Isin tuda Kang, sok kedah ngaririweuh waé.”

                “Da sanés badé haratis ieuh Ayi maké kedah sungkan. Tibang pangmermanakeun ku barudak anggota, ngarah digancangkeun ngurus administrasina.”

                “Wios lah Kang, da atos ayeuna mah. Muhun ké ka payun, pami aya peryogi deui badé ngiberan heula.”

                “Nya sukur atuh ari atos mah. Saha tadi nu jajap?”

                “Numawi nyalira.”

                “Hampura Akang nya. Pan tadi teh bagean ngagondeng tamu ti pusat hoyong teras ka Pangandaran.”

                “Muhun Kang teu sawios, sami nuhun. Salam wé ka Ceuceu sareng murangkalih sadayana. Bedegong teu acan tiasa nganjang. Ké ka payun deui.”

                “Sarua Akang gé, lain teu hayang ulin, ka Ayi téh. Enya teu ari balas séép waktu ku pagawéan.”

                Éta téh debrolan dina telepun jeung kapilanceuk. Samulangna tina manjangan nyawa surat ijin nyupiran mobil, jeung majeg kendaraan. Biasana gé ka anjeunna ménta tulung hayang énggal téh bubuhan éta kantor tempat dinesna. Rada jeneng ongkoh. Nya kitu téa pan, ngaoh hayang ngajaran maké cara légal téa. Ceuk ijiran bakal hadé. Yéh, tétéla méncos tina panyangki. Sanés salami-lamina deuih. Nya kitu téa wé teu ari kasilih ku nu ti pengker, titipan. Geus jadi rusiah umum deui ari untra-antri di urang. Hoyong ngabujeng énggal mah kudu maké élmu.

                Datang ka imah bada asar. Barongkéakan da si bibi keur mulang ka lembur diangkir panén. Awak nu hayang direureuhkeun téh bolay. Sab mata kapiheulaan ruab nempo kumbaheun. Léong ka kamer barudak, ka ruang tivi. Masa Alloh teuing. Jiga kapal peupeus di jomantara tuluy murag ka tengah imah kuring. Paburantak.

                “Mih, bagean kontrol waos, karétna tos logor.”

                “Teu tiasa énjing deui dih?”

                “Ti minggon kamari énjing deui-énjing deui. Tos sasaih langkung Mih.”

                “Atuh ari teu aya nu coplok mah keun we heula antep.”

                “Ih Amih téh.”

                “Dianteur Mang Asep wé nya?”

                “Alim.”

                “Nya wios atuh énjing deui.”

                “Ih, nya, Mih nya?”

                “Enya seug ké wengi.”

                “Nging wengi teuing, jabi ulah ka dokter langganan pan teu aya. Alim ku asisten mah.”
                “Komo kitu, engké ngantos pa dokterna aya.”

                “Tuda kawatna tos nyarolokan, nyeri janten sariawan.”

                “Muhun geulis, ke uih magrib atuh maksa-maksa teuing mah. Jih ampun.”

                “Ka dokter saha Mih?”

                “Nya kuma engké wé nu penting dokter huntu lain dokter mata.”

                Sabot ngareureuhkeun kacapé memenitan tatéh. Saméméh ngaropéa nu pabalatak. Antukna mah da gararéték, singkil, deker wonder women téh bébérés. Berekah réngsé méméh magrib. Ngésang kénéh gé teu dirasa, anggeus bebenah, gejebur mandi da kasurung ku adan. Ungked-ungked solat magrib. Wiridan diambeng bari nilepan mukena. Teu kaburu ieuh ngaderes quran mah, da éta nu babacaan waé hayang ka dokter mani ateul kana cepil. Na ari budak jaman ayeuna kudu san pok sok. Paingan alam dunya asa beuki rék bahé baé. Kanjat kolot kudu ngaduakeun wiridan.

                “Pami moal ku Apih, Amih nganteur heula si Keneng ka dokter sakedap.” Ngalobi nu keur jamotrot sab réa teu kaperhatikeun poé ieu. Nepi ka poho anggoan dinesna nu kaolian can kaburu dipermanakeun. Janten wé jamenung.

                “Jeung awéwé wé lah. Kahadé ulah lalila teuing.”

                “Yéy, manasina urang nu ngoprék waosna. Kuma nu gaduh lalakon.”

                Gesat-gesut dangdan. Biur ka dua si bungsu. Muter heula nénéangan prakték dokter nu rada merenah. Reg di salah sahiji klinik. Dokterna awéwé. Antrian parkirna saeutik. Ceuk panyana rék bisa sakeudeung. Horéng téh…

                Uluk salam. Nu ngawaler ti beulah lebet ukur hawar-hawar sada haréwos. Lir haroréam ngengabkeun baham. Euh, paingan tuda pangeusina lain jebrog. Rumaja wungkul. Abong-abong di sakola geus teu dibéré pangajaran budi pekerti, tibang nembalan nu uluk salam gé laliat.

                Nu cinutrung di ruang tunggu aya genepan. Satengah jam mah kuring taya nu nalék taya nu nakon. Da éta nu jaga pendaftaranana ngarangkep nyarengan dokter di jero. Teu burung nu genepan nungtutan arasup, barérés. Satukangeun kuring geus aya tiluan pasén nu datang. Asistén ngelol tina panto prakték rada lila. Harita kuring karak bisa nepungan bari maksa, ngadaftarkeun budak. Da mun teu ngadeuheus ka manéhna mah kuring nu tatadi ngajunggereng téh teu ditanya-tanya acan. Tadina mah ngamaklum, da meureun katempoeun ieuh kuring datang satukangeun pasen ka genep. Da teu ratusan jelema nu aya di dinya téh piraku rék patukeur antrian.

                “Saha jenenganana Bu?” Bari semu geus hoream gawe. Gorolang kuring  nyebutkeun ngaran budak.

                “Kawitna pasang di mana?”

                “Di dokter anu...” Céng téh bari ngejah ngaran dokter langganan kuring .

                “Ayeuna badé dikumaha, kunaon teu ka ditu atuh?”

                “Badé gentos karet, kaleresan dokterna nuju tutup.”

                “Oh, muhun mangga diantos. Karétna kantun milih nyalira.” Bari song karét waos samisting palastik gedé.

                Léong deui kuring jeung budak kana korsi ruang tunggu. Hol saurang pasén keur bubureuyeungan. Kuring neruskeun deui lalajo tivi. Kanjat kaburu milu solat Isa. Atuh majalah, sakur nu aya di dinya mah erep dibukaan. Antrian heulaeun kuring geus rapih. Na atuh?

                “Bu, punten ti pengker nya.” Ceuk asisten bari taya semu budi-budi manis.

                “Oh, sanés abdi nu ti payun. Kunaon kitu?”

                “Tos pesen ti tadi.”

                “Oh, kitu? Muhun atuh mangga.” Nyungkun kituna ge kuring téh. Bongan angen mentegeg. Asa kabina-bina teuing. Apan ngajeblag aya kertas pengumuman dina panto najan geus rada bureng gé. Na atuh ari geus teu dipake mah make disina napel keneh. Unina: pasén teu meunang daftar baké telepun, kudu datang langsung. Ari éta?

                “Sabar geulis.” Ngusapan budak. Nu dibeberahna kalah manyun.

                Enya cék tadi gé ulah kapalang sabar téa. Ti isuk geus dibéré qadar kieu meureun. Kudu dipakieuh ku perkara budaya antri.

                Lol si asisten deui. “Bu hawatos nu nuju hamil, sakedap da bu wayahna.” Itu cenah? Jadi ngaléngkahan pasén séjén ogé lain kuring wungkul. Pabeulit, bener.

                “Oh, muhun mangga hawatos. Nanging tiasa pan ieu pun anak ngiring ngarétan kawat, pédah sanés masang béhelna ti dieu?” Kuring bakat ku geus asa dibaekeun. Samarukna rék baramaén ka dinya téh. Sarua rék mayar. Mani gugon pedah lain pasénna.

                “Ah henteu, wayahna antos sakedap, sami ieu gé tos pesen nomer ti payun.” Walonna. Kuring teu hayang deui nembal.  Henteu-henteu kuma urusan. Sidik tatadi gé séntimén ka kuring téh. Karasa pédah lain pasén manéhna. Kikieuan téh kami gé lain meunang hayang, pédah dokter langganan keur tutup. Budak kuringna heuras beuheung teu bisa dibawa badami. Heuh teuing.

                Jam sapuluh peuting karak bisa kaluar ti klinik. Nu di imah nelepunan meni sajungkel pedes. Biur mulang bari suku mah meni asa kedeplik. Taruus. Ti isuk loba teuing ucang-ucang. Can di jalan keur peuting teh kukurayeun ku pasuliwerna motor teuing ku béda ti sasari. Loba jaba patétéép. Ari seug nu marulang démo be-be-em.

                “Mun deui-deui sabar ari nanaon téh. Tah kieu buktosna.” Datang ka imah meupeus keuyang ka budak. Nanging cumah ngeceplek gé da enggeus.

                Rék unggah kana ranjang, kaburu melong heula nu geus kérék. Kalacat lalaunan. Lungsé awak mah, tapi pitunduheun kalangsu, pitibraeun kalah birat. Cek kana ha-pé. Nyolokeun earphone. Teu lila solawat Nabi nu dipirig késétan biola Pa Idris Sardi  ngayun-ambing ati rungsing. Erep éta, ganti kana Omatsuri Sakurana Kitaro San nu beuki mépéndé ngajakan saré. Méméh reup, bet kalah tingkalalar panineungan basa keur boga poé-poé di tatar meletékna sang surya baheula. Dipukuat-pakaitkeun jeung pangalaman  kahirupan birokrasi lemah cai poé ieu. Jauh pisan ganjorna. Najan Jepang lain nagara dongéng nu sampurna nanging kagunganeun momot pelayanan publik nu kacida hadena.

                Méncrang kénéh na ingetan. Basa salaki ngalaman jadi mahasiswa nu kudu ngurus surat-surat ijin cicing di ditu sabab mawa kulawarga nyaéta kuring jeung si cikal. Datang ka kantor Kuyakhuso satingkat kacamatan, tuluy ka kantor Shiyakhuso satingkat walikota. Tétéla teu sahésé aras-urus di lembur sorangan. Dibagéakeun kalayan daria. Dititah ngeusian lambar dokumén kalayan kudu gemet. Sabab Jepun mah nganut élmu taliti tapi teu nyeshakeun. Malah réa pertarosan nu cukup dijawab ku ya jeung tidak. Saréatna kajujuran. Dumasar kana sistim kajujuran birokrasi bakal tereh maju jeung efisisen. Malah basa beubeureuyeungan ku si bungsu bari sagala tuga tigeu, basa Jepang can lancar, teu hésé béléké nénéangan nu nulungan pikeun ngajukeun tunjangan ngajuru. Sakali asup ka kantor pamaréntahan Jepun, sagala urusan bakal aya jalan kaluarna. Prinsip “the biggest service for the small” téh nyata, nu kira-kira pihartoseunana, ngaulaan kaon leutik teh, digawean kalayan maksimal. Teu jiga di urang,“ lamun aya nu kasulitan, pédah naon dientengkeun?” Bénten nya.

                Kantor pamarentahan jeung pelayann umum di ditu moal aya nu jiga di urang. Nilik tina kaayaan katorna we heula. Ti mimiti pingpinan nepi ka staf téhnis teu aya basa musah-misah. Caralikna sarohangan. Teu ngangge pipinding. Janten pami aya padamel nu nuju ngorong, nyileuh, maca koran, o-el, jeung sajabana nu sipatna kagiatan di luar pagawean, bakal katohyan. Atuh dina geusan ngaulaan masarakat, ti mimiti pantar cacah modél kuring, nepi ka ménak surenak, saregep. Tul-tel patarema jiga sireum, ti fungsi hiji ka fungsi sejenna téh tohtohan.  Kongang bari lalulumpatan ngarah enggal rengse. Jeung teu tinggaleun imut. Lain diengké-engké nepi ka nu nungguan geus asa jadi bangké. Padahal ceuk bocoran ti babaturan, gajih pagawé pamaréntahan éta nagara, standar waé. Nanging aranjeunna reueus jadi abdi nagri nu satuhu satia ka masarakatna.

                Kungsi hiji waktu tagihan cai imah kuring nikel tujuh kali lipet. Asa rék rapihan hirup harita. Sabada dipaluruh, horeng aya kasalahan nyatet. Da eta mah, mani merelek kecap “sumimasen” nu hartosna nyungkeun dihapunten ti operator. Reugerug. Geus rapih urusan ceuk pikir. Na atuh, aya deui nu langkung aheng isukna. Datang saurang patugas nu pangkatna lain satingkat kelas pagawé lapangan nilik tina kartu namana mah, bari sumimaen deui, tur mawa bungkusan nu eusina sarupaning alat mandi kayaning sabun, sampo jeung sajabana. Horéng éta téh tanda nyungkeun dihapunten deui waé. Colohok pan. Karak apal. Kakaliruan sual gawé kaasup perkara pibahayaeun, margi nyangkut urusan kahormatan nagara. Numawi cenah, baheula mah kungsi aya nu nepi ka bunuh diri sagala alatan stres bada disetrap.

                Aya deui pangalaman téh. Keur di pasar. Meuli bubuahan kasedep. Ngan ma’lum maké kantong pelajar luar, nu kudu prihatin. Cék, kana buah nu geus dikemas, rada murah, ngan aya genjur saeutik. Hadé kénéh pisan jang didahar cék ukuran kuring mah. Giliran datang ka kasir, mani sababara kali ditanya, yakin henteuna éta barang badé digaleuh, pan cacad, cenah. “Doijoubu.” Céng téh. Nétélakeun kuring rido genjur saeutik mah. Mémang kitu, cenah. Produsen téh metakeun sikap jujur. Ngajual barang saayana, teu neang untung ladang énténg. Nu ahirna kaicalan pelanggan. Atuh dina pareng meunang pangangsulan duit balanja. Moal aya angsul ku és bon-bon. Duit teh diregaan deui ku duit. Sa-yen ogé, niléy duit pangleutikna, aya bungkeuleukan di ditu mah. Dicaritak keneh. Atawa, pama urang neneangan hiji barang, jucungna rék meuli atawa moal, teu kudu sieun ménta katerangan. Dijamin bakal diécéskeun sakumplit-kumplitna ku para patugas nu sarayaga.

                Nu urang bakal molohok, aya kénéh. Pulisi. Mimiti kuring napakkeun dampal suku di kota Kobé, nempo dedegan pulisi katut kendaraannana, moal percanten, margi kawon ku pulisi nu ngaregreg di jalan-jalan republik urang. Cicing, lain keur ngajejeleh alam lembur urang nu raharja. Ieu mah nuju ngabejaan bulu tuur. Pangalaman, sugan wé aya nu mulungan. Leres, sanés wawadulan. Aranjeunna ngarangge kendaraan dines nu basajan waé. Memang aya pulisi nu dines di tingkat prefecture garagah nganggé mogé, nanging sakedik. Sakali deui sanés heureuy. Kobe sareng Ashiya teh kota nagara macan ekonomi Asia. Katawisna teu pararantes  ngaranggo kendaraan dines model motor delivery order. Nanging kitu buktosna. Ké heula. Sakalina pa pulisi nyetop pelanggar, taya saurang gé nu baha tur wantun kabur. Moal mempan, di nagara nu ngangge sistem network kalintang canggihna kitu mah. Ka mana waé minggat, bapa-bapa pulisi nu ngarangge saragam teh tangtos tiasa ngudag kalayan teu kedah abrét-abrétan, cekap langsam, teras dicerek, tur langsung diparios. Tungtungna kuring ngartos. Yén pulisi Jepun mah dadamelna leuwih kana masalah kontrol. Nalingakeun, ngawaskeun, teras ngadamel kaputusan. Salangkungna? Sistim nu popohoan…

                Instrument Omatsuri Sakura labas kana Silk Roadna Kitaro keneh. Rapih, kaganti ku kawih kacapian, ‘Wengi Enjing Tepang Deui’. Mata haté nu tadina linghas, lalaunan lindeuk deui, jiwa raga leyur ngahayap tibra. Hawar-hawar méméh kérék, Doel Sumbang nyumbang haleuang…” ..jelema leutik mah jiga sireum, meus-,meus katincak, meus-meus katincak…” Béda pisan jeung budaya sireum di batur nya.***

 

Bumi Kertasari Ciamis

Kirim Koméntar tina Facebook

Kirim Koméntar

Jenengan
Alamat Émail
Alamat Wéb
Koméntar
Serat Kodeu:
  
  • Replace This Text With Your Featured Post 1 Description.
  • Replace This Text With Your Featured Post 2 Description.
  • Replace This Text With Your Featured Post 3 Description.
  • Replace This Text With Your Featured Post 4 Description.

XtGem Forum catalog